User Image
User Image
Artikel | Miara Sumanget Kamerdékaan

Miara Sumanget Kamerdékaan

admin Jumat, 25 November 2016
  • 06:56:25
  • | Dibaca: 396 kali

    Miara Sumanget Kamerdékaan
    ku: Dr. Deden Ramdan, M.Si. *)

    Reuah-reuah dina miéling kamerdékaan RI geus lekasan. Enya, geus 71 taun merdékana nagara urang téh, anu dina 17 Agustus 1945 diproklamasikeun ku Soekarno-Hatta, kalayan asma bangsa Indonésia.
    Dina kontéks kahirupan bangsa, merdéka hartina hirup bébas tina genggeman atawa kakawasaan bangsa deungeun. Urang geus lain jadi bangsa patalukan. Mukaddimah UUD 1945 nandeskeun yén kamerdékaan téh hak sakumna bangsa.
    Proklamasi téh panto awal kamerdékaan, tur idéntik jeung mimiti lahirna bangsa, anu saterusna bakal nangtukeun jalan hirup jeung nasibna sorangan. Ngeusian kamerdékaan téh jadi kawajiban, pikeun ngahontal kahirupan bangsa sakumaha anu jadi cita-cita ti anggalna. Hal ieu ditandeskeun dina pidato singget Soekarno, 17 Agustus 1945, “Kita sekarang telah merdéka, peristiwa yang mengikat tanah air dan bangsa ini!”
    Tujuan kamerdékaan téh pikeun ngawujudkeun masarakat anu adil ma’mur. Urang kudu jadi bangsa anu mandiri, tur panceg dina ngajaga idéntitas bangsa. Ku kituna, ngawangun karakter bangsa jadi bagian tina kamerdékaan.
    Saban 17 Agustus, poé kamerdékaan sok dipiéling. Tangtuna ogé lain sakadar pikeun mulangkeun panineungan ka mangsa lawas, da anu penting mah kumaha carana urang miara sumanget kamerdékaan. Nya, hal éta pisan anu kudu terus-terusan ditarékahan téh, sangkan angger ngabebela.
    Sumanget kamerdékaan téh bisa ditémbongkeun dina préstasi gawé anu miang tina poténsi diri, tur jadi kareueus bangsa. Miéling kamerdékaan katut sagala aktivitasna mémang kudu dilaksanakeun, tapi saéstuna aya anu leuwih penting batan éta, nyaéta ngayakeun deui réfléksi ngeunaan perjuangan urang dina ngeusian kamerdékaan.
    Pasualan anu masih disanghareupan tepi ka kiwari nyaéta ngawujudkan karaharjaan jeung préstasi bangsa. Ari sababna, najan urang geus merdéka, masih kénéh aya “penjajahan” séjénna, hususna dina kahirupan ékonomi. Urang tacan leupas tina kepungan kakuatan global, anu antukna beuki dieu téh urang beuki kaleungitan kamandirian, tur angger gumantung ka pihak séjén.
    Tangtu waé éta téh hiji ironi. Ku kituna urang kudu ngaévaluasi jeung ngoréksi sakur pagawéan, boh nu enggeus boh nu eukeur dipigawé, bari enya-enya nangtukeun rarancang ka hareupna, dina ngeusian ieu kamerdékaan. Ku cara kitu, rupa-rupa kasalahan dina mangsa ka tukang bisa dihindarkeun. Pikeun ka hareupna, optimismeu enggoning ngadorong prakarsa, inovasi, jeung kréasi kudu terus sina tambah mekar.
    Urang bisa ngeunteung kana ketak para bapa bangsa anu geus mimiti nyieun léngkah pikeun nataharkeun kamerdékaan. Najan kahirupan aranjeunna sarwa kawatesanan, tapi sikep optimisna teu weléh ngagegedur. Mun jaman baheula optimismeu téh diréfléksikeun dina sumanget ngahontal kamerdékaan, ayeuna mah dina ngeusian kamerdékaan.
    Mémang urang gé kudu jujur, geus aya ari préstasi anu dihontal mah. Upamana waé dina 71 taun ka tukang mah masarakat urang masih tuna aksara (Latén), ayeuna mah rayat Indonésia geus miboga sistem pendidikan anu kaitung weweg jeung mapan. Kurang leuwih aya 200 rébu sakola, tilu juta guru, jeung 50 juta murid dina rupa-rupa strata pendidikan.
    Di wewengkon Asia, bangsa Indonésia geus ningkat jadi middle-income country, tur ékonomina aya dina posisi ka-16 tingkat dunya. Malah ceuk itungan Bank Dunia mah geus asup ka 10 besar, mun diitung tina Purchasing Power Parity. Indonésia dina abad ka-21 jadi salah sahiji nagara anu anu tumuwuhna paling gancang di Asia, dina ukuran atawa kelompok kelas menengah (data Asia Development Bank, 2016). Kitu deui dina widang pulitik, bangsa Indonésia geus mampuh ngalaksanakeun konsolidasi jadi nagara démokrasi, posisina aya dina kelompok katilu ti sadunya.
    Cindekna mah sanggeus tujuh dékadeu merdéka, Indonésia dina abad ka-21 terus tumuwuh jadi bangsa anu rélatif tambah ngahiji-sabeungkeutan, kaitung jauh tina kaayaan anu gunjang-ganjing, tur beuki démokratis. Sakur anu geus kahontal téh kudu terus dironjatkeun, tur jadi garapan para pamingpin bangsa enggoning ngawujudkeun katingtriman pikeun sakumna warga nagara.
    Tarékah anu kudu terus dironjatkeun ngawengku politik luar nagri anu bébas-aktif, nangtayungan hak jeung kasalametan warga nagara anu araya di nagri deungeun, ngawujudkeun kadaulatan maritim, sarta ngawangun TNI jeung Polri anu enya-enya profésional. Dina widang pamaréntahan, kumaha carana pamingpin ngalaksanakeun pancénna kalawan beresih, jujur, éféktif, démokratis, jeung bisa dipercaya ku balaréa. Kumaha carana ngawangun Indonésia tepi ka suklak-siklukna bari angger mageuhan sumanget bhinéka tunggal ika.
    Ngaliwatan program wajib diajar, kumaha carana urang ningkatkeun kualitas manusa Indonésia anu miboga karakter, tur taat kana hukum sangkan jauh tina lampah korupsi, kolusi, jeung nepotismeu. Dina widang sosial lianna ngawengku ngaladénan kaséhatan masarakat, réfprmasi agraria, pangwangunan imah susun anu disubsidi, katut jaminan sosial séjénna.
    Anu teu kurang pentingna dina jaman kiwari nyaéta ningkatkeun produktivitas rayat sangkan kuat daya saingna di pasar internasional, ngawujudkeun kamandirian ékonomi ku cara ngahangkeutkeun séktor ékonomi strategis jeung ékonomi doméstik ku cara ngawangun kadaulatan pangan, energi, monétér anu signifikan pikeun ngaberdayakeun ékonomi rayat.
    Sakabéh éta tarékah, ari anu jadi intina mah sumanget kamerdékaan. Lamun sumanget kamerdékaan terus ngagegedur, insya Allah, cita-cita bangsa bakal tinekanan.***

    *) Wakil Rektor III Unpas & Komda Paguyuban Pasundan Bandung Kulon